B. Daerah

Pertanyaan

Paguneman teh asalna tina kecap gunem. Nu artina

1 Jawaban

  • Kategori Soal : Bahasa Sunda - Paguneman

    Kelas : X (1 SMA)

    Pembahasan :


    Paguneman teh asalna tina kecap gunem. Gunem hartina nyaeta ngobrol atawa ngawangkong. Paguneman nyaeta ngawangkong atawa nyarita dua arah, silih tempas, antara dua urang atawa leuwih, sarta kalimah nu digunakeun nyaeta mangrupa kaimah langsung. Umpama ditilik tina suasanana, aya dua rupa paguneman, nyaeta paguneman resmi jeung paguneman teu resmi.


    Conto paguneman resmi nyaeta saperti sawala atawa anu sok disebut oge diskusi. Dina paguneman resmi biasana aya nu mingpin, nyaeta saperti panumbu catur atawa moderator umpama dina sawala atawa diskusi mah. Sedengkeun conto paguneman teu resmi nyaeta saperti ngawangkong caritaan sapopoe jeung babaturan atawa jeung anu jadi kolot sorangan.

Pertanyaan Lainnya