B. Daerah

Pertanyaan

cara nulis paguneman

1 Jawaban

  • Kategori Soal : Bahasa Sunda - Paguneman
    Kelas : X (1 SMA)
    Pembahasan :

    Paguneman nyaeta kagiatan nyarita dua arah, silih tempas, antar dua urang atawa leuwih, jeung ngagunakeun kalimah langsung. Kusabab kalimah anu digunakeun dina tulisan wangun paguneman nyaeta kalimah langsung, tulisan wangun paguneman cocog pisan digunakeun pikeun nulis naskah drama. Kukituna cara nulis paguneman nyaeta sarua jeung cara nulis naskah drama.

    Dina nulis tulisan wangun paguneman, saperti oge dina nulis naskah drama, aya sawatara hal anu perlu diperhatikeun sangkan tulisan paguneman hasilna hade, merenah jeung kaharti. Hal-hal anu perlu diperhatikeun dina nulis paguneman nyaeta perlu merhatikeun tarik launna sora atawa lafal, luhur handapna sora atawa lentong, pilihan kekecapan anu merenah, sarta penjiwaan dina waktu nyarita atawa dina waktu guneman.

Pertanyaan Lainnya