B. Daerah

Pertanyaan

carpon sapatu
tipoe Senen keneh indit ka sakola teh asa teu puguh. lain teu purun diajar ngan asa ku era. lantaran sapatu anu ngan boga sarampasan teh geus ruksak. anu sabelah hareupma geus calawak. disakola sok pada maroyokan mani geus paranas ceuli.
eta oge lain tehayang meuli nu anyar. tapi dalah dikumaha waktu wakti ayeuna mah keur teboga duit pisa. mun bebeja kakolot sok kalah digelendeng. pajarkeuna teh, maneh mah jabrah teuing kana barang teh. geus dikitukeun mah kuring tara loba omong deui, sok kalah leos wae indit.
jam pelajaran kahiji bagean matematika. mun aya tugas sok dititah ka hareup. titah ngarengsekeun soal, tuluy disaruakeun. kuring dititah kahareup, basa keur ngalengkah ka hareup, sapatu nu dipake teh teu dijungjungkeun luhur luhur bisi disada pak ceplok.
kuring malik maksud tehbrek balik ,diuk deui kana korsi.ngan edas bakat ku geumpeur kuring poho, ngajungjungkeun sapatu luhur teuing. tuluy ngalengkah. Ari dijungjungkeun deui na atuh "ceplok" sapatu anu calawak teh disada mani pak ceplok. sorana agem da harita meur jempling.
ger kabeh sareuri. nu tenyaho nanaon oge kabawakeun seuri. kuring mah bati bareureum beungeut ,teubkuat nahan era.
peutingna basa kuring keur ngapalkeun kadenge bapa nyalukan ti patengahan.
geuwat kuring lumpat muru tengah imah. kasampam bapa nuju calik Dina korsi.
kuring ngsrejat bungah. teubisa disangka ti anggalna, bakal dipangmeulikeun sapatu. mun teu era mah rek ajrag ajragan.

apa amanat cerpon tersebut? pake bahasa sunda

1 Jawaban

Pertanyaan Lainnya