pengertian warta jeung kawih
B. Daerah
firman500
Pertanyaan
pengertian warta jeung kawih
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Kategori Soal : Bahasa Sunda - Warta Jeung Kawih
Kelas : VIII (2 SMP)
Pembahasan :
Warta nyaeta beja ngeunaan kajadian anu bener-bener kajadian atawa aktual. Data anu ditepikeun atawa anu dilaporkeun dina hiji warta dumasar kana data anu asli, valid atawa bener. Waktu jeung tempat anu diwartakeun atawa dibejakeun jelas, basa anu digunakeun ngagunakeun basa anu kaharti, sarta eusi anu aya dina warta sipatna objektif.
Kawih nyaeta salahsahiji rupa lalaguan Sunda. Aya sawatara rupa lalaguan Sunda, nyaeta saperti kawih, kakawihan jeung tembang. Ditilik tina rumpakana, kawih jeung kakawihan mangrupa wangun puisi anu henteu kaiket ku aturan. Sedengkeun rumpaka tembang mangrupa wangun puisi anu kaiket ku aturan, nyaeta aturan pupuh. Rumpaka kawih mah wangun kekecapannana bebas saperti sajak, kusabab kitu kawih sok disebut lalaguan Sunda bebas, jeung sajak oge kungsi disebut "sajak bebas".